SATANGTUNG

Sabtu, 30 Januari 2016

Judul : Satangtung
Tanggal : 29 Januari 2016
Pukul : 20.30
Label : Puisi Sunda

====================================

Satangtung diri
ngitung katungtung kalung
neuleuman panitah lampah
ngudag parered nu nyangreud
dina nyumponan kasangtukang kasanggupan
pikeun hiji, hiji, ngahiji dina jangji.

Satangtung kurung
sangem nyangkem tur ngaranggeum
nurut amit kana niat
sugan tungkul luhureun nu punyul.

Moal kabayar nu ngakar
moal diantep nu geus nyanghareup
najan kasingsieunan bisi
najan ka uyahan ku kade.

Satangtung kurung diri
nyepeng dua pituah lir nyabeulah
papada sarupi nimbalan timbangan
hayang bisa katangung bari ngakeup
najan dilantaran ku sugan.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena