KATANGTUAN DUNYA

Kamis, 07 Januari 2016

Judul : Katangtuan Dunya
Tanggal : 06 Januari 2016
Pukul : 21.05 WIB
Label : Syair Sunda

====================================

Lir sagara nu teu aya tungtung
mibanda ku tekah nu ngancik dina kurung
mihanas diri alatan kasarung
ku pimilik panangtayungan katukang
naon nu ayeuna nyanding dina panggeing
najan saliwat nemrakna katalian panjurung.

Moal laas najan ngarumas
naon nu ngahias geus jadi papantes
salila mangsing karumasa amis tur tiis
salila karau masih keneh bisa diais.

Nepi kana hiji mangsa
ku takdir mawa garis basa
sasadu tulang tonggong kalawan iga
mere coretan kala
dina nudunan katangtuan dunya.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena