DUA KATANGTUAN

Senin, 14 Desember 2015

Judul : Dua Katangtuan
Tanggal : 14 Desember 2015
Pukul : 19.00 WIB
Label : Puisi Sunda

====================================

Mangsing cicing kalangkang kahayang
cunduk ngacuk mihuni ka diri
mangsing raket hohontal kedal
sungkeum ka wujud nalian tampian
tina langlangan nu jadi lalakon balungbang
dina anyar siar najan pinanggih bisi baheula.

Sing asak maseuk nu cicing
nafsu nu baris ngarogahala pinangtu
mangsa milampah ku sadar tina katangtuan
najan jentre naon nu kaingeutan ku sidik.

Bati pajeujeut dina batin
nu raket ku cicingna
nu mijah kalayan kahontal ku akal
najan cunduk dina dua samaran.

Mangsing cicing kalangkang kahayang
dina mangsana liar ku siar
dina naon nu baris jadi takdir
tina naon nu ayana karandapan
najan kudu miraga dua katangtuan.

SAMPURASUN

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena