Judul : Malapah Wanci
Tanggal : 26 November 2015
Pukul : 19.00 WIB
Label : Puisi Sunda
====================================
Lengkah malapah ngistrenan hiji mangsa
hiji carita nu kahalangan ijib wanci
nincak kana tapak pucuk hambalan
lir sugema pangbagea tunggara
najan sugan nu baris jadi ceungceuman.
Malapah ngandelan cukang ka girang
hampang ku gening najan siloka tangtu
deukeut ku puhu najan teu kacekel
najan matri dina kahimengan poyan.
Cara ku ciri ngocor ngais nu pinuh
lenglang gorowong ngahiap balungbang
nalangan carita basa nu kungsi ka teundeun
neuleuman katresna nu kungsi ka rampa dina ciri
najan baris mudal ka uyup sanggeus papada saat.
Teu manggih tungtung lampah lir kasarung
teu nyangsang ku saeutik kamelang najan hanaang
naon nu mijadi ciri takdir wanci kiwari
najan nu diala ngancikna dina surup panyumput
najan kudu kaalaman sakotret kasalahan.
SAMPURASUN

0 komentar:
Posting Komentar