CARITA NU LAAS

Jumat, 27 Februari 2015

Tanggal : 13 Februari 2015
Pukul : 21.00 WIB

===============================

Carita nu laas ku mangsa
carita nu nyorang waktu sakeudeung
ukur ngukir hiji papasten diri
ninggang kana gambaran siloka.

Kageuing ku impleng
Kanyaah nu kungsi silih seungitan
Kabungah nu kungsi silih miguraan
kadeudeuh nu moal ilang salawasna.

Hiji mangsa ayeuna
bet ngolebat sakilat
naon nu kungsi mangrupi
naon nu kungsi ngaregang dina bugang
sakocepat ngadodoho ku nyaho
dimangsa jauh tingaleun naon nu di teuneun.

Hampura ku aya
hampura kagok miboga
naon nu di tempokeun ku basa
lain deui nu tiheula ieu raga.

Keun antep carita eta
ukur ngaendahan wanci kamari
ukur ngabageakeun sakotret hareupan
ukur mepeling eunteungeun jalan nu bakal kasorang.

Sampurasun

GUPAI KATRESNA

Tanggal : 05 Februari 2015
Pukul : 07.30 WIB

==============================

Gupai Katresna
ngagero ngabageakeun hate kalayan kabungah
kanyaah nu baris ngistrenan kadeudeuh
duriat nu kungsi mihanas katunggaraan
alatan hiji cita jeung carita.

Gupai Katresna
ngaruat lengkah ku pukah
nalian deui nu kungsi tingaleun
dina hiji tujuan nu cunduk kana waktu.

Bagea ayeuna
yap ngaraga sakumaha kuduna
nincak tapak dina balungbang kaasih
silih tungtun deui dina hiji panghareupan.

Bagea duriat
omat ku niat
ulah jauh sakumaha waktu kamari
mangsing raket nudunan nu bakal kasorang.

Hariwang ku anggang
keueung ngalalakon ku taya pananya
melang siun kasurup
didieu waktu mimiti nyengceum carita
urang pasini ngagupayan nu bakal karandapan.

Sampurasun

SIMUT JIGA

Rabu, 04 Februari 2015


Tanggal : 04 Februari 2015
Pukul   : 08.00 WIB
====================================

Jiga kalayan beda.
jauh kalawan deukeut.
nyumput tapi katempo.
nyaho kahimeungan poho.

Lila rupi sakeudeung.
lumpat tapi cicing.
hanap jiga luhur.
saeutik kalayan mudal.

Sidik katutupan samar.
poek kaseraban caang.
karau tapi teu ka ceukeul.
kahontal kalawan teu ka kedalkeun.

Jiga kalayan beda.
dina siloka kalayan kunaha.
teu kaharti saliwat.
nu deukeut jeung raket.
nu nyampai dina rumasa sorangan.

Ku fikir baris ka ukur.
ku sadar baris kahontal.
dina naon nu kuduna katarima.
jeung naon nu kuduna nagtung.

Sampurasun

KASALAHAN


Tanggal : 03 Februari 2015
Pukul   : 07.30 WIB

=========================================

Nitenan waktu nu ka piceun.
waktu nu kungsi nawarkeun kanyaah.
ku sombong ka antep.
ku can katenjo ka luncatan poho.
dina naon nu baris nyiptakeun kasatiaan.

Ayeuna karasa teu miboga.
naon nu salilana diteangan.
rumaos ku rumasa kabeh ngumpul di diri anjeun.
naon nu dijadikeun poatokan dina diri.

Naha bet karek ka panggih.
dimangsa anjeun jauh tikulah.
dimangsa anjeun geus nonggongan.
kana naon nu ku diri diteangan.
dina naon nu ku anjeun pernah dititipkeun.

Hanjakal bet teu pernah sadar kana eta.
kaduhung mihanas polah.
bet hayang malikeun wanci katukang.
sangkan naon nu tadina katempo.
katarima miraga katresna.

Ku ayeuna karampa.
nu geus jauh karumasa.
yen jiga kitu nu dipihareup.
dimangsa incah baris sadar.
dimangsa kabeh ngulah akibat kasalahan sorangan.

Sampurasun

NEULEUMAN PANEMPO

Selasa, 03 Februari 2015

Tanggal Pembuatan : 02 Februari 2015
Pukul : 21.15 WIB

============================================

Nyumput dinu caang.
lir neuleuman nu deet ku leret.
ngaksruk ngababad ririged.
dina tingali nu kapeureuman panempo.

Buni dinu nemrak.
lir narima bari mere.
miceun bari nyokot.
nitenan sulumputna panyepret.

Teu kasamat ku keupat.
teu karampa ku ceukeul.
naon anu deukeut tur ngaleugeut.
naon anu katingalina gorowong.

Nyumput dinu caang.
lir hujan dina poe numentrang.
lir serab ku poek.
dina amisna waktu sakeudeung.

Teu ka tulis naon nu di lukis.
euweuh jawabana naon nu di tanyakeun.
hese neuleuman nu deet najan katingali.
najan papada diaku.

Sampurasun

KONSEP SEBUAH KARYA

Senin, 02 Februari 2015

Tanggal Pembuatan : 02 Januari 2015
Pukul : 08.30 WIB
===========================================
Konsep sebuah karya
mengutarakan beragam perasaan
menuntun keindahan tutur kata
diantara makna yang tersembunyi.

Garisan seuntai makna
melambangkan sebuah kisah
tentang pengembangan dari jalannya sebuah pemikiran
tentang hayalan,
dan tentang dilema sebongkah cerita.

Banyak yang tertuang dan terbuang
semua menjadi satu kekuatan dan kesatuan
dimana tersusunnya sebuah sejarah
diatas untaian kata yang takan pernah putus.

Konsep sebuah karya
menyulut beragam imajinasi
akan sebuah keabsahan
dan sesuatu yang akan menuntun arah lain
dari makna yang ada
dan maksud yang tak pernah diketahui.

Sampurasun

KALANGKANG DURIAT

Tanggal Pembuatan : 01 Februari 2015
Pukul : 15.00 WIB

==============================================
Kaimpleung ku waktu sakeudeung.
jirim nu mangrupi rupa nyangkring.
nyanding dina sanubari ngalangkang.
bati kamari paamprok najan saringkang.

Kabayang ku fikir.
kaheman anu kungsi ngukir.
ngeusian hate tur miendah wanci kapeungkeur.
najan bolai ku nudunan panggero takdir.

Bet ngandeulan deui ayeuna.
rasa anu kungsi silih tumarima.
rasa anu kungsi jadi papaes raga.
ku amprok sakeudeung kacipta.
najan papada sadar geus lain deui kuduna.

Kanyaah nu masih keneh leubeut.
sasadu lir ngagero mere jalan kanu nyumput.
sajorelat hayang kapibanda deui duriat.
ingeut bareto basa pakait.
silih tungtun dina jangji nu paheut.

Dina wanci kiwari.
sadar kabejaan ku ciri.
naon nu ayauna jadi reureumeut dina sanubari.
moal baris ngistrenan deui pikeun ngahiji.
keun anteup carita eta jadi pangbagea diri.
dina jalan duriat nu kalinih ku junti.

Sampurasun

Blog Archive

Buah Pena