DUA KEDAL

Sabtu, 29 Maret 2014


KARYA : S. RESTIAN, S.Pd.I
23 MARET 2013



Hariring Ninggang kanu Anggang
Karandapan deui Sakumaha Papasten Baheula
Hiji Teuteupan nu Kungsi Miendah tur Mawa Kabungah
Kiwari Ngajirim Dina Wujud nu Lian

Sok Bungah Lamun Panggih
Sok Melang Kanu Ngahaja Ditingalkeun
Dua Kedal Ngeusian Pangacian
Dina Mangsa Papada Jempling
Sanajan Ngancik dina Sirip nu Jadi Simbul

Kumaha nu Geus Kagok Kieu,-
Bingung Ngawadahan Dimana nu Kosong
Kahayangmah Pareum Ieu
Inggis Lamunmah Kudu Balaka
Dina Mangsa Nu Lain Waktuna
Dina Waktu Nu Kedal Lain Mangsana.


Sampurasun

0 komentar:

Posting Komentar

Blog Archive

Buah Pena