NGANTI

Jumat, 13 Desember 2013



Mimiti tunggara ku papaes diri
Mihelas Kamelang ku hariring ati
Pikeun mibanda pahetna jangji
Dina papada lengkah nu jauh kahalangan wanci

Warta harita nu katarima
Gening satuhu keneh dina karumasa
Micinta nu baheula karasa
Masih ajeg ninggang rongkahna mangsa

Geulis bebendeh nu geus maneuh
Kunaon ayeuna bet jauh
Hariwang ku diri alatan kanyaah
Sieun sangkakala ngahanas panggugah

Jol datang
Ubaran ieu kamelang
Pungkas ieu kahariwang

Sugan isuk pageto katempo
Dina rupi nu ku diri di gero
Dina naon nu payus dipikarido

Sampurasun
13 Desember 2013

Hujan poyan

Selasa, 10 Desember 2013


Hujan poyan
lagragan mihanas kahariwang
nyawang panghareupan nu kaliwat
ngarangrangan ngulik pangubaran

Hujan poyan maseuhan lamunan
dimangsa butuh ku jawaban
diwaktu papada nonggong
bati kamari nyieun ruhak ku sabab

Naha teu ingeut baheula
basa sasadiaan pikeun sampeureun ayeuna?
duaan hudang lugai tina sigai
malapah dina lengkah nu tara'ti
silih tuntun ku iteuk kamelang

Pileuleuyan kabeh
hujan poyan ningalan tapak karumasa
naon nu kungsi aya
naon nu kungsi jadi ku waktu
Kiwari Ukur waasna ningang harepan
Dimangsa Kedal ku polah
Dimangsa narima naon nu lain kuduna


Sampurasun
09 Desember 2013

Blog Archive

Buah Pena