awaking mangsing cicing,,,
ulah kumalayang dina anteupan kahayang...
nuturkeun pangawasa diri nu nengan ka saujratna lampah...
mimiti dina hiji nu sarupa...
hayu urang babareungan neangan nu sakumaha pancen utama..
dina cicing jeung mancing ka ulungan..
teangan nu katempo jeung nu baris nempo...
awal nu nganggo angoan elmu tur arti,,
sajabaning diri nu kapilawas ku pangeretan waktu,,,
tincakeun nu katincak amitan dinu jalur kamimitan,,
...jigana nyukcrukna kagirangeun sebab panyebab,,
ruruhit karaheun ku amit,,
ambalan nu satuhu,,,
didinya urang jadi hiji ngabuledkeun nu parantos sayakti,,
angin peuting nu ngajaring...
ngajaring mangsing anteung jiwa nu ngahening...
nuturkeun sakumaha awasna diri nu miboga panghareupan...
pikeun nyumputkeun sakumaha pangawasa awak..
dina mangsana datang,, nu matak meulit kana hayuna panjurug,,,
...nyanakan nu matak beurat kana birit paranti..
salawasna mihareup sahiji ciri nu sayakti..
kamana ieu mawa... laku nu baris di tuju,,, tincak satincak kaahengan,, sarau siku nu teu mernah,, dimana arti nu sahiji,,,?? puguh nyuprih sangkan arti ngawincik ka diri,,, moga kapibanda harti nu ngarti nur ngabakti ka diri,,
eling hey nu eling sangkan kageuing... dimana awak nu ka cipta.. lampah laku nu ngajurug ka diri,, diri nu ngalangkah ka nu di paus,,, kajeung ulah salah kaprah,, mibanda dunya... nu pohara ripuh ku paparat kakait,,
Sampurasun
0 komentar:
Posting Komentar