TALATAH LAMUNAN

Jumat, 25 Maret 2016

Judul : TALATAH LAMUNAN
Tanggal : 24 Maret 2016
Pukul : 09.00 WIB
Label : Puisi Sunda

=======================================

Nyurug dina lamunan
kahayang miboga kalangkang katineung
pamohalan katampi tur nepi saeunyana
bati neang ku sieun jeung keueung kameulang.

Ngajirim talatah impian peuting
jadi papaes endahna hareupan
bela najan mulas ku hohontal
hayang ka anteur ku akhirna dunya.

Sajorelat ka denge
ngageroan ku seukeutna paneuteup
nembongan ku simut panyumput
ngajeroan sawang implengan.

Nepi kamana sasarna ngalamun
nitenan ka nyaho ku lalakon
nungtut ka adilan waktu
nudunan pangajak nu jadi takdir.

SAMPURASUN

KEMBANG SOCA

Rabu, 09 Maret 2016

Judul : KEMBANG SOCA
Tanggal : 08 Maret 2016
Pukul : 20.10 WIB
Label : Puisi Sunda

=========================================

Kembang soca
kaciri saban kiceup
kabayang sagero kalangkang
ngantai lamunan jelmaan katineung.

Kembang soca
minuhan kereteg hate
nganteur langlangan lamunan
nyasar kasorang hiji kahayang.

Lebah mana baris disampeur
waktu nu mana saban didago
nudunan nu kagok katempuhan
nimbalan payus ku ciri wanci.

Kembang soca
mantengkeun tali duriat
nyorang tungkulna dua pamadegan
sugan kasorang najan ku waktu sakeudeung.

SAMPURASUN

Blog Archive

Buah Pena