KABOGA

Senin, 30 September 2013




Milang mulung kaboga
Lir nangtung dina alas panyumput
Karumasa anggang ku wanci
Rumaos teu miboga jaman
Sok sanajan lumpatna tidieu.

Siloka kangkalung carita
Minuhan kapanasaran panggero
Hanjakal lamun nyaho ka jero
Moal kaliwat-
Geusan ti puhu nembongkeun ku harti.

Molongpong kiwari
Napakan nu geus di ceukeul
Nangtukeun hji panempo tur nenjo
Dina mangsa metik pangulik.

Nepi kamana baris diudag
Naon nu matak ngabukti
Dina naon nu kuduna kapimilik.


Sampurasun
30 September 2013

SALIWAT

Kamis, 26 September 2013


Bingung ku tungtung
Napakan Kana Rasa
Katresna Saliwat mibatur
Neundeun sakotret hareupan
Dina mangsa kakurung nu boga.

Asal muasal paamprok
Bet ka jirim rupa makalangan
Rupi nu jadi ciri terus ngunguntik
Hanjakal ku baha
Kabungah ngulik mulak malik kamelang.

Kaaku ku laku
Karasa ku raga
Kahayu ku nafsu

Kapentang na rasa saliwat
Mohokeun nu kuduna tuhu
Dina naon nu geus kapimilik.

Carita saliwat
Nuntun kabagjaan sakotret
Nuntun pucuk tigirang
Nuntun panggupai dina jero panglarang

Sampurasun
26 September 201

CUMARITA

Kamis, 12 September 2013



Cumarita nu jadi panglakon.
Lir nunda harapan ku pangjurung.
Tapak ancik tur ngulik.
Jadi sabab mibatur panganteur.
Dina nudunan Kahayang jaman.

Rongkah ku kahayang.
Sanajan kapareuman ku arah.

Cumarita nu jadi panglanglang.
Kaiuhan ku panglarang.
Kahujanan ku pangjurung.
Saenggeus papada apal,
Kana naon nu jadi bukti ku hareupna.

Rentang ti kajauhan papayung.
Minuju panggupai tuhu.
Hampang babawaan tur beurat ku indit.
Sanajan bari di sorang.
Naon nu jadi kunaon.
Jeung Naon nu pastina kahontal.

Sampurasun
11 September 2013

LALAKON

Kamis, 05 September 2013



Waktu Harita-
Lir warta sajeroning carita-
Ngumbar miagul kaboga-
Nembongkeun sakumaha nu karasa-
Yen di jalan nu ieu ngampihna-
Jeung di tempat itu tujuana-
Sakumaha kedal nu kuduna.

Kiwari-
Jadi lalakon pukahna harti-
Naon nu kungsi ngahiji-
Ukur liliwateun kalinih ku junti-
Hanasmah rohngkah ku tadi-
Nudunan kahayang wanci.

Naon atuh kahayang anjeun...!
Nembongkeun tur nyumpurkeun-
Ninggalkeun tapak jeung tujuan-
Leret satukangeun-
Lebah mana nu can ka cumponan?

Mulak malik bet kapikir-
Dunya baris pinangih jeung akhir-
Carita nu kungsi diukir-
Nudunan pangajak takdir-
Sanajan mibanda sabab tipengker-
Sanajan ngabeda  ku banda nu jadi panganteur.

Sampurasun
05 September 2013

Blog Archive

Buah Pena