PILEULEUYAN

Selasa, 27 Agustus 2013



Ngamimitian neuteup pangjurung qolbu,
Neda ningali ti kajauhan,
Ngagupayan pikeun neundeun hiji ciri diri,
Diri nu butuh ku kanyaah,
Kanyaah nu kungsi ilang.

Ninggang mangsa nu robah,
Mukakeun nu jauh tur anggang,
Gening datang sakumaha nu dipihareup,
Hiji wanoja mapag panggero manah,
Nalian jangji pikeun salampah satujuan.

Ti harita,
Loba waktu nu kaliwat,
Loba carita nu kalakon,
Loba jalan nu katincak,
Duaan ngalanglangan milampah kabungah.

Bet teu kasawang di tadina,
Naon nu kungsi aya,
Naon nu ti baheula di arep-arep,
Ayeuna ukur ngeusian lamunan,
Ayeuna ukur carita tur karasa,
Kaendahan tinggal waasna,
Ngeusian waktu katukang.

Baal keneh karasa ucapana,
Haneut keneh karasa usapana,
Teu karasa waktu sataun satengah babarengan,
Asa kamari urang panggih dina jalan pasimpangan,
Ayeuna papada jauh,
Alatan cara jeung panggupai nu lian.

Hanas bebeakan neundeun kanyaah,
Hanas Agul nembongkeun ka dunya,
Bakal boga nu hurip.

Pileuleuyan kabagjaan,
Pileuleuyan carita endah urang,
Anjeun geus boga nu lian,
Ukur do'a nu nganteur kabagjaan anjeun,
Sanajan rungseb nu karasa,
Sanajan TIGIRANG BIJILNA ETA CAI KIRUH.

Sampurasun
Kange Pun Sobat
27 Agustus 2013





Blog Archive

Buah Pena