MATAK

Sabtu, 27 Juli 2013


Oyag na dahan ku angin,
Lir ngagupayan mere beja ti anggang,
Naon nu jadi nanaon ayeuna,
Tina nu awalna katepi,
Sanajan Kaingetan ku poho.

Buntutan kiwari,
Inditna saukur ngajauhan nu baris deukeut,
Datangna nawa beja nu nyumput,
Lir tidieu sakabeh pucuk tadina.

Teu kasawang,
Alus mimiti ngahaja ngendahan pamungkus,
Bari karasa ayeuna,
Ku nyaho baris karasa,
Nu jadi matak kabeh incah,
Tina dauan dina jero ingon-ingon.

Nepi kana waktuna engke,
Dina kahayang nu ka punahan,
Jeung naon nu ceuk pikirna bener.


Sampurasun
27 Juli 2013

JEMPLING

Rabu, 17 Juli 2013

Ku jempling kageuing
Neundeun sakeclakna hariring
Mapay urat nurut rumingkang
Dina mangsa ngeusian bongbolong.

Ku jempling kahudang
Mihareup sajabaning pasti hurung
Napakan nu tadina kasarung
Neda ngandelan panca nu asing
Nyumput dina sakotret papayung.

Loba keneh geuning sampuereun nu can kasorang
Bet can keneh nepi sakumaha nu jadi tungtung
Nikreuh ku eta sadar kana kahayang
Kana naon nu kuduna nangtung
Dina naon nu pastina beunang.


Sampurasun
17 Juli 2013

GUPAI KARMA

Jumat, 05 Juli 2013


Bentang ngalanglangan maturan hate...
Nalangsa nandangan panggupai karma...
Hiji tapak neang ku waktu...
Dina Mangsa paheut kana naon nu kungsi diteuneun.

Bentang ngiceupan ku sabab...
Nitah nyumput dinu caang...
Ngakeup nu kuduna diais...
Sanajan Nete ku angsrodan.

Hampura geus kagok karasa...
Inggis nu encan sarupi ku ieu...
Sanajan kahalangan waktu sakotret...

Hampura...
Ku nyaho kapohokeun...
Ku aya ka euweuhkeun...
Kiwari Karandapan ku sampeur...
Linglung lir kasarung...
Dina tempat jeung waktu nu saeutik.


Sampurasun
04 Juli 2013

CIRI

Selasa, 02 Juli 2013

Ciri sajeroning diri.
ngawujud conto.
yakin pasti.
sadar ku eta.
elmu nu bisa ngajawab.

Payus jadi hasil.
ngahias raga.
minyaho nu deukeut.
dina ciri nu kafikir.

Nepi kana waktu.
rumasa rasa pamuka.
euweuh nanaon teu miboga.
Hanjakal.
saeutik pisan.
ka ala ku loba.

Hanjakal.
harti can nepi.
katanyaan tujuana.
sewang-sewangan nu kuduna ungeuk.

Hayang patemal-temal.
nganyarkeun harti.
muka nu katutup.
ngeusian nu kosong.
sangkan euweuh nu kapiceun.

Sampurasun
02 Juli 2013

HIRUP

Waktu hirup ngan ukur ayeuna_

Narimakeun nu datang bari usaha_

Hasilna kudu di syukurkeun_

Keun Tong di inget-inget waktu Kamari_

Ripuhna ukur nepi kadinya_

Nyaankeun lampah pikeun nu ayeuna disorang_

Ranggeuyan isuk nu masih keneh goib_

Ibaratna tong jadi siksaan diri_

Riungkeun niat, lampah katut tekad_

Kade poho ka kurungan.

Sampurasun
01 Juli 2013

HILIWIRNA ANGIN


Hiliwir angin,
Lir harewos manehna,
Ku ayeuna baris anggang,
asih munggaran nu kungsi nyeungitan,
Nyeungitan hate neundeun kadeueuh,
Sakumaha kungsi aya,
Dina kaendahan waktu katukang.

Hiliwirna angin,
Jadi batur tunggara,
Ngantosan jangji pasini bakal datang,
Miharep naon nu kuduna,
Balik kana tempat asalna mimiti.

Iraha atuh jungjunan?
datang,
Waktu nu mana,
Jangji nu kungsi ditalian,
Ngabukti ngubaran tunggara.

Bet waas ku anggang,
Hiliwirna angin jadi panganteur lamunan,
Lamunan kaendahan jeung hariwang,
Lir nyiptakeun jawaban sorangan.
Dina tempat mimiti jeung pungkas,
Kaanggang urang mawa hiji carita.
Kaanggang urang Mawa jalan kagigir.

Sampurasun
28 Juni 2013

Blog Archive

Buah Pena