PANGLUMPATAN

Sabtu, 22 Juni 2013

Kasab panglumpatan-
Lir nyumput sajeroning halimun moyan-
Ningalkeun hurungna seuneu-
Samemeh datang naon nu jadi ubarna.

Lain sieun kunu lian-
Lain lumpat tina nu geus deukeut-
Jadi amit lamun kudu pakait dina hiji buah-
Jauh tina ukuran-
Pangjadi ngalantaran tisasari-
Naon nu sakuduna seungit-
Naon nu kuduna hudang mimiti.

Loba nu teu kajawab-
Patarosan nu mawa akar lian-
Lir dauan nu jadi sabab tina nanaon-
Sanajan tigirang bijilna eta cai kiruh.

Cunduk kana waktu ayeuna-
Ngagupayan nu bakal datang-
Ngantosan nu bakal nyaangan-
Sok sanajan bisi ngalangkangan-
Mamantes nu moal jadi dipapantes.

Sadar atuh..
Panjangkeun emutan nu payus-
Tembongkeun ka ahengan sakuduna-
Sakumaha nu mimiti kungsi katingali-
Sakumaha kuduna nu jadi panutan.

Sampurasun
22 Juni 2013

TAPAK KASALAHAN

Kamis, 13 Juni 2013


Tapak kasalahan...
karasa riged ku ayeuna
teu kasawang ti anggang
karumasa bakal manjang ngeusian lantaran.

Tapak lalakon bareto...
hiji ciri nu ngajadi
ngahaja dituntun ku ayeuna
antukna naon nu kuduna bukti
jauh tina ukuran-
ukuran kahayang pikeun melaan nu karasa mimiti..

Asa ka heurinan lengkah
asa di udag-udag akibat
lir ngalangkangan sajeroning peuting
geusan ngahujanan sajeroning beurang
sanajan nangtung dina puhu nu pasti...

Tapak Kasalahan
Buntut jalan baheula
Mapag bubuka nu anyar
Nembongkeun paleuwih ti bareto
Sakumaha lantaran sabab
Sakumaha kasangupan titadina...


Sampurasun
11 Juni 2013

HUJAN LEUTIK

Jumat, 07 Juni 2013

Hujan Leutik...
Lir bari ngajajap panggupay..
Ngahalangan sakuduna nu jadi kumaha...
Samemeh nepi kalayan katepi...
Miboga ngaran pikeun ngarandapan...
naon nu jadi sabab dina ranggeuyan akibat...

Hujan Leutik...
Nyukcruk mapay mapay papayung...
ngamimitian lengkah mibanda kehayang...
Sok sanajan nyumput sajabaning pasti...
Naha nu mana jawaban nana...!
Asa asing nu katempo...
Sanajan dina jalan nu munggaran...

Rungsing ku bisi...
Hujan leutik jadi sabab kapegatna niat...
Hujan leutik jadi ngaran nu tungtung...
Sanajan geus pasti...
Kana naon nu samemehna aya...
Jeung naon nu saenggeusna ilang...


Sampurasun
6 Juni 2013

Blog Archive

Buah Pena