Kalampah

Kamis, 23 Mei 2013

Kasorang ku sorangan...
nincak pucuk tadina liwateun hungkul...
ngala lalampahan sajeroning pikulan..
tah lebah ditu muragna...
dina tempat jeung waktu mimiti papada amprok...

Guratan tidinya...
mawa tapak nu salamina aya...
nyukcruk lamunan mapay implengan...
nya saha nu kudu di benerkeun...
sanajan dua nana papada milih jawaban...

Inggis ku bisi...
geusan ti itu...
aya sampakeun jaga..
ngarogahala kana gagahna jaman..
tur nuturkeun sakumaha kalangkang halimun...

Hayu Papada Ngarti..
Sampurasun 23 Mei 2013

Sarangenge

Jumat, 03 Mei 2013

Sarangenge nu moncorong
nyeungitan wanci mukakeun jalan
neangan nu kuduna diteang
naon nu jadi kabutuhan
dina jero kawajiban
tur ngistrenan tuhu sakumaha kuduna
tina hiji nu jadi tujuan.

Caang isuk jadi mimiti
mimiti lengkah pikeun milampah
ngabukti saur ngajadi panganteur
nganteur kadaek pikeun ngala..
nyokot pibatureun hurip
dina mapag nu bakal kasorang.

Sarangenge nu moncorong
hayu papada lumpat
nganjang kapoe pageto pikeun nempo nu aya ayeuna
katuhu lengkah jadi mimiti
kahiji dina naon nu jadi hareupan.

Sampurasun
03 Mei 2013

Blog Archive

Buah Pena